Drama Sisindirin basa sunda judulna pidato 6 orang lucu pisan, bodor

Drama Sisindiran Basa Sunda

Kelompok 3:
-Cesar Gumilang (MURID) 
-Dikki Subagja (MURID) 
-Fanni Nur Fazriah (BU GURU)
-Ilham Sugih (MURID) 
-Putri Nur Anggraeni (MURID) 
-Riski Hidayatuloh (MURID)
X - AGRICULTURE B
SMKN 4 PADALARANG
Lagu Pambuka (Lagam Lagu Kaso Pondok Kaso Panjang):

Meser suuk ka cipalu
Henteu hilap nyimpang ka iran
Ngawanohkeun kelompok tilu
Bade mintonkeun drama sisindiran
Sok dangukeun..
Sasarengan..
Ulah ngobrol
Ulah hereuy
Pek regepkeun ku cecepil
Supaya janteun barokah (2x)
...
...

PIDATO

Bu guru: Jalan-jalan ka Cipada
               Ditengah-tengah aya bolokotono
               Dinten ayeuna pangajaran basa sunda
               Diajar tes mintonkeun pidato
Murid:    “Haaahhhh?!!!!”
Dikki:     Nyandak barang ka cisarua
               Dijalan dipegat jelema sarap
               Aduh Bu naha ayeuna
               Da dikki mah teu acan siap
Bu guru: Kacikampek meser melon
               Balikna ka kota baru
               Ibu mah teu apal nanaon
               Pokona kudu aya nu maju
Cesar:     “Sok barudak geura maraju!”
                (barudak pindah tempat diuk kahareup)
Riski:     “Ah maneh mah nitah kabatur, ai maneh sorangan gening teu maju?”
Cesar:    “Naa, ai maneh boloon-boloon teuing, maksud urang teh kahareup pidato lain pindah tempat
               diuk kahareup”
Bu guru: “Heh, ai maraneh ngadon ngawarangkong, sok kahareup ayeuna nu geus siap!”
               (Bari nakol bor)
Putri:      Masak sayur make bumbu
               Diganggu ku budak sarap
               Sumangga muhun ibu
               Simkuring parantos siap
               (sakabeh murid keprok)
Bu guru: Hayang ngapung make sayap
               Ti Cimahi ka Citereup
               Lamun anjeung parantos siap
              Sok atuh gera kahareup
               (putri maju kahareup mintonkeun pidato)
Putri:      Assalamualaikum wr.wb
Murid:    Waalaikum salam wr.wb
Putri:      Bapa – bapa tukang kalapa
              Ibu – ibu tukang lebu
               Saderek tukang bandrek
               Sadulur tukang bajigur
               Pribados tukang Bandros
               Sanaos tukang kaos
               Teu kalangkung ka tukang kangkung
               Ogé tukang togé
Ilham:    “Na meni sagala teuing disebutan ai putri?”
Putri:      “Yéhh ni ngangganggu waé, padahal mah kumaha saha atuh?”
Riski:      Si Ilham meuli huut
                Pas ditinyuh meni sareukseuk
                Enggeus – ges tong raribut
                Nu dihareup bisi ngambeuk
Putri:       Ka Cikandang meuli baut
                Ngaran tokona apolo
                Ges jeup tong raribut
                Simkuring bade pidato
Dikki:      Beteung ngurubuk nyeri angen
                Di imah eweuh dahareun
                Sok atuh mangga lajeungkeun
                Simkuring siap ngadangukeun
Ilham:      Meuli peteuy keur dahareun
                Ngadaharna sabari nonton
                Adeuy dikki siap ngadangukeun
               Boa-boa aya nanaon
Bu guru :“Nanaraonan ai maraneh atuh, dengekeun nu dihareup keur ngomong!”
Putri:       Diburuan hurung seneu
                Siga aya jejelmaan
                Simkuring cicing didieu
                Bade nerangkeun kaagamaan
               “Barudak?????”
Murid:    “Euyyyyyyy???????”
Putri:      “Aya nu apal kana babagian najis?”
Murid:    “Teuuuu!!!”
Cesar:     Si Fanni juara ka hiji
               Puguh tea budak Bu Lilis
               Eta si Riski budak Pa Haji
               Piraku wae teu apal babagian najis
Ilham:    “Oh si Riski teh budak Pa Haji???”
Riski:     “Naon lain gé, nyanyahoanan waé maneh mah Cesar!”
Putri:      “Yeuhh denge barudak babagian najis téh aya tilu, aya najis mugholadoh nyaeta najis anjing
               jeung babi jeung anak – anakna, najis mukhofafah nyaeta najis budak lalaki nu umurna
               taun bari can barang dahar nanaon anging ASI, jeung nu terakhir najis mutawasithah nyaeta
               najis salian ti najis dua eta”
Dikki:     Si Iyas budak ceu Ooh
               Si ana budak mang Jana
               Ai najis mutawasithah
               Naon contona
Putri:      Ngadahar suuk
               Jeung cangkangna
               Tai Kotok Tai Manuk
              Eta contona
Murid:    “Ohhhhhh.... kitu?”
Putri:      “Sumuhunn,, sakitu wae panginteun nu tiasa ku simkuring dipintonkeun,
                Di Cimanuk loba hayam jago
                Loba nu ngadu diburuan
                Sanes simkuring bade ngajago
                Urang diajar babarengan
                ...
               Saninteun buah saninteun
               Saninteun diparapatan
               Hapunteun abdi hapunteun
              Tina sadaya kalepatan
              Wassalamualaikum wr.wb
Murid:   Waalaikumsalam wr.wb
Bu guru:Diwarung aya mang aan
              Diwarungna keur meuli minyak
              Geningan aya perwakilan
              Sok keprokan barudak
              (Barudak cing sarurak silih keprok Bel disada)
Murid:   “Alhamdulillah”
Buguru: “Bel parantos disada hayu urang uih, sok gera siapkeun”
Riski:    “Nyungkeun perhatosannana barudak! Ngado’a dipihatur”
              (barudak beberes tuluy ngado'a)
Riski:    “Rengse, Siap paparinan salam!”
Murid:   “Wassaalamualaikum wr.wb”
Bu guru:“Waalaikum salam wr.wb”
Murid:   “Hatur nuhun Bu...... Alhamdulillah”
Bu guru:“Sawangsulna”
               (Bu guru kaluar saluyu jeung murid).

Lagu Panutup (Lagam Lagu Kaso Pondok Kaso Panjang):

Hatur nuhun.
Tos merhatoskeun.
Kasadaya rerencangan.
Mugi Allah maparinan.
Ni’mat ka urang sadaya.

"pasihan komentar kritik reng saran dihandap ieu" hatur nuhun. 😊😀

Baca juga:

Komentar